B. Daerah

Pertanyaan

Contoh surat bahasa sunda untuk teman teman di sekolah

1 Jawaban

  • Mengenai bahasa yang digunakan, dalam hal ini bahasa Sunda, dalam bahasa Sunda dikenal adanya tingkatan bahasa. Dalam membuat surat untuk seorang teman dalam bahasa Sunda, dapat digunakan tingkatan bahasa biasa atau dalam bahasa Sunda disebut bahasa "loma".

    Garut, 28 November 2016

    Assalamualaikum wr wb,

    Amir, kumaha cageur ?. Alhamdulillah kuring jeung kaluarga kuring di Garut sarehat. Mugi-mugi anjeun jeung kaluarga anjeun di Jakarta oge sarehat.

    Maksud kuring nulis surat ieu, kuring rek ngabejaan yen sakola kuring minggu hareup rek ngayakeun study tour ka Jakarta.

    Salila di Jakarta kuring jeung rombongan rencanana rek ngadatangan ka sababaraha tempat, diantarana ka Taman Mini Indonesia Indah, ka Monas sakalian ka Museum Gajah, jeung ka museum nu aya di daerah Kota.

    Kusabab imah anjeun pan deukeut pisan ti Taman Mini mah, kuring jeung babaturan, malahan bapa jeung ibu guru oge,  rencanana hayang panggih jeung anjeun. Jadi, lamun bisa mah anjeun datang ka Taman Mini, poe Saptu, 10 Desember 2016, kira-kira jam 10.00 isuk-isuk.

    Saur bapa-ibu guru jeung ceuk babaturan, sono ceunah ka anjeun, sabot anjeun pindah sakola ka Jakarta dua tahun ka tukang, can papanggih deui jeung anjeun, jadi engke hayang panggih jeung anjeun ceunah.

    Tah sakitu surat ti kuring, mugi-mugi urang diparengkeun bisa papanggih di Jakarta minggu hareup, aamiin.

    Wassalamualaikum wr wb,

Pertanyaan Lainnya