B. Daerah

Pertanyaan

Kembang bodas buah bunder,Ngaheruk nya pikiranan.Wangsalna?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Pembahasan :

    Kembang bodas buah bunder, Ngaheruk nya pikiranan. wangsalna nyaeta "jeruk". Naon eta teh maksudna?. Eta kalimah teh nyaeta anu disebut wawangsalan. Wawangsalan nyaeta slahsahiji rupa sisindiran. Sedengkeun sisindiran nyaeta salahsahiji rupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi.

    Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, rarakitan jeung paparikan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Jadi, conto wawangsalan di luhur umpama ditulis dina wangun pada atawa bait nyaeta saperti di handap ieu :

    Kembang bodas buah bunder,

    Ngaheruk nya pikiranan (wangsalna jeruk)

    Cara maca atawa ngahartikeun wawangsalan nyaeta harti tina kalimah padalisan kahiji murwakanti jeung salah sahiji kecap nu aya dina padalisan kadua. Jadi, umpama nilik conto wawangsalan di luhur, harti kalimah padalisan kahiji nyaeta "jeru" murwakanti jeung salahsahiji kecap nu aya dina padalisan kadua nyaeta "ngaheruk".

    Ditilik tina eusina atawa maksudna, aya sisindiran nu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran nu euisina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran nu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Dina sapada sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagean nu disebut cangkang atawa sampiran jeung aya bagean nu disebut eusi.

    Dina wawangsalan padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Umpama dina sastra Indonesia sisindiran teh siga pantun.

    Kata Kunci : Sisindiran, wawangsalan, paparikan, rarakitan

Pertanyaan Lainnya