B. Daerah

Pertanyaan

galih nyarita yen poe ieu manehna moal sakola lantaran nyeri beteng pek robah kalimah teu langsung jadi kalimah langsung . bahasa sunda

1 Jawaban

  • Nu perlu diperhatikeun dina nyieun kalimah langsung nyaeta ragam basa nu digunakeun kudu merenah. Dina Tatakrama Basa Sunda, atawa nu bareto mah sok disebut Undak usuk Basa Sunda, aya dua ragam basa, nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma. Dina ragam basa hormat / lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes pikeun ka sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur.

    Pembahasan

    Kalimah teu langsung nu ngagunakeun basa loma bisa dirobah jadi kalimah langsung boh dina ragam basa loma boh dina ragam basa hormat / lemes, gumantung saha nu nyarita jeung saha anu nyaritakeunana. Di handap ieu nyaeta kalimah langsung tina kalimah teu langsung di luhur dina ragam basa loma jeung ragam basa hormat / lemes:  

    1. "Kuring poe ieu moal sakola lantaran nyeuri beuteung" ceuk Galih (ragam basa loma)
    2. "Sim kuring dinten ieu moal sakola margi nyeuri patuangan" saur Galih (ragam basa hormat / lemes)  

    Pelajari lebih lanjut

    • Tatakrama Basa Sunda brainly.co.id/tugas/11761324
    • Undak usuk Basa Sunda https://brainly.co.id/tugas/11533355
    • Ragam bahasa Sunda brainly.co.id/tugas/320344

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VII

    Mapel : Bahasa Sunda - Paguneman

    Bab : 1

    Kode : 7.13.1

    Kata Kunci : Nyieun kalimah langsung

Pertanyaan Lainnya