B. Daerah

Pertanyaan

1. Di wangun ku sabaraha pada eta Pupujian teh? 2. Dina sapadana diwangun ku sabaraha padalisan? 3. Naon maksudna ungkara "datangna teu mere nyaho, ngageretak taya tempo" ? 4. Naon maksudna ungkara "Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring" ? 5. Naon anu pasti bakal karandapan ku unggal jalma teh?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pupujian
    Kelas : VII (1 SMP)
    Pembahasan :

    Pupujian anu disebutkeun di luhur teh nyaeta hiji pupujian anu miboga judul "Geura Saradia". Umpama ditilik tina rumpakana, pupujian teh kaasup oge kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita.

    Pupujian teh kaasupna kana wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita, salian ti pupujian, nyaeta saperti mantra, guguritan, sisindiran, sajak jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.

    1. Pupujian "Geura Saradia" teh diwangun ku 33 pada.
    2. Dina sapadana diwangun ku opat padalisan.
    3. Maksudna ungkara "datangna teu mere nyaho, ngageretak taya tempo" nyaeta maot anu ngadodoho.
    4. Maksudna ungkara "Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring" nyaeta iraha wae jeung saha wae, dimana ajal geus sumping, teu meunang tempo.
    5. Anu pasti bakal karandapan ku unggal jalma teh nyaeta maot.

    Jadi, pupujian teh sanajan eusina mangrupa pepeling atawa ngadoa ka anu mahakawasa, umpama ditilik tina rumpakana pupujian kaasup kana karya sastra dina wangun puisi. Kusabab kitu, saperti sajak atawa kawih, dina rumpaka pupujian aya unsur lahiriah jeung batiniah rumpaka. Unsur batiniah rumpaka nyaeta tema, nada jeung suasana, rasa, sarta amanat. Sedengkeun unsur lahirih rumpaka nyaeta tema, suasana, imaji, simbol, pilihan kecap anu merenah tur endah saperti anu ngadung wirahma, murwakanti jeung gaya basa.

Pertanyaan Lainnya