jieun sisindiran Wangun rarakitan anu eusina 1.piwuruk 2.silih asih 3.sesebred
                Pertanyaan
            
            1.piwuruk
2.silih asih
3.sesebred
               1 Jawaban
            
            - 
			  	1. Jawaban ilukmanSisindiran nyaeta salahsahiji rupa puisi Sunda. Aya tilu rupa sisindiran nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Ditilik tina maksud atawa eusina, aya sisindiran anu eusina mangrupa piwuruk, aya sisindiran anu eusina mangrupa silihasih, jeung aya oge sisindiran anu eusina mangrupa sesebred atawa heureuy. Dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan, sedengkeun dina sapada wawangsalan ngan saukur aya dua padalisan. Dina unggal padalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagian cangkang atawa sampiran jeung bagian eusi. Dina rarakitan jeung paparikan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupakeun cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupakeun eusi. Sedengkeun dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupakeun cangkang, padalisan kadua mangrupakeun eusi. PembahasanRarakitan jeung paparikan teh miboga wangun rumpaka anu siga rek sarua. Anu ngabedakeun rarakitan jeung paparikan nyaeta yen dina rarakitan mah aya hiji atawa dua kecap dina padalisan kahiji jeung padalisan kadua anu disebutan deui dina padalisan katilu jeung padalisan kaopat. Sedengkeun ari dina paparikan mah teu aya ulangan kecap-kecap saperti nu aya dina rarakitan. Di handap ieu nyaeta conto sisindiran rarakitan anu eusina piwuruk, silihasih jeung sesebred atawa heureuy: a. Rarakitan Piwuruk Lamun jalan embung muter kudu lewat bale desa Lamun hayang jadi pinter kudu rajin di sakola b. Rarakitan Silihasih Hate bungah nempo soto hayang geura-geura dahar Hate kuring rasa sono hayang panggih geus teu sabar c. Rarakitan Sesebred Kahayang ulin ka kota tapi keur teu boga duit Kahayang disebut gaya tapi tara pisan mandi Pelajari lebih lanjut1. Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912 2. Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746 3. Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791 _____ Detil JawabanKelas : VIII Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran Bab : 4 Kode : 8.13.4 Kata Kunci : Sisindiran, rarakitan, paparikan. wawangsalan, piwuruk, silihasih, sesebred